Adsense Indonesia

Kamis, 13 September 2012

Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau


Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau


Kacaturkeun jaman baheula di Pulo Jawa Beulah kulon, aya hiji karajaan anu rajana Prabu Rakata. Sang Prabu gaduh dua putra. Anu cikal Raden Sundana anu bungsu Raden Topobrana. Haritamah Pulo Jawa sareung Sumatra teh ngahiji.
Kumargi Prabu Rakata parantos sepuh pisan, mangka karajaan teh di titipkeun ka putra-putrana, tur di bagi dua belah wetan ku Raden Sundana, belah kulon Raden Topobrana. Terus Sang Prabu teh indit ngabagawan anu tempatna dibates dua nagara nu dibagi dua tea, anjeunna teu nyandak nanaon tibang guci pusaka nu dicandak. Hiji mangsa dina taun ka genep Sang Prabu teh ngadangu yen putrana parasea Raden Sundana ngarugrug karajaan raina Raden Topobrana. Sang Prabu teh ceg ka guci anu tos dieusi cai laut tea, terus indit ka medan laga kasampak dua putrana keur perang campuh atuh bendu pisan si anjeunanana.
Ningali ramana sumping reg weh perang liren, dua putrana langsung nyampeurkeun cedok weh nyareumbah ka Prabu Rakata kitu dei para parajuritna. Atuh dua putrana beak bersih diseukseukan pampangnaman Raden Sundana nu wani ngarug-gug nagara raina. Dua putrana anu tarungkul teh nyarek, atuh Sang Prabuteh langsung gadeg, ceg kana guci pusaka tea. Terus cai laut anu dina guci dikucurkeun disapanjang wates dua nagara, teras guci anu tos
kosong teh disimpen ditapal bates dua karajaan tea, anjeunanana indit deui ka tempat pang tapaanana. Teu lami eta bates anu tilas disiram ku cai laut teh ngajanggelek jadi selat. Nu kiwari disebut Selat Sunda. Nu mawi dinamian Selat Sunda lantaran Raden Sundana sarakah hoyong wilayah anu raina. Dugi ramana ngadamel wates nganggo guci pusaka anu caina dikucurkeun terus jadi selat. Tur guci anu disimpen dina wates teh ngajanggelek jadi gunung, nu katelah Gunung Rakata atanapi Gunung Krakatau. Tah kitu sasakala Selat Sunda sareng Gunung Krakatau teh.

Rincian Dongeng:
Tema : Perang Duduluran
Judulna : Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau
Bahasana : Lemes
Aur/plot : Ngagunakeun alur maju
Cara nyarita/sudut pandang : orang ka 3 palaku utama
Palakuna : Prabu Rakata, sareng dua putrana: Raden Sundana sareng Raden Topobrana
Watek palakuna :
Prabu Rakata = Arip, adil, tur bijaksana.
Raden Sundana = Sarakah
Raden Topobrana = Embung ditindes
Tempat/latar : Jaman baheula di Pulo Jawa belah kulon.
Eusi/hikmah nu bisa di cokot : Jadi jalma kudu arif, jujur, adil tur
bijak sana kawas Prabu Rakata, ulah Sarakah jiga Raden Sundana.








Rabu, 12 September 2012

BATU CERIK


Batu Ceurik
Carita Lagenda Kalimantan
 Dihiji gunung anu jauh ti dusun, di daerah Kalimantan hirup hiji randa anu susah jeung hiji budak wanoja. Budak wanoja randa eta, kacida geulisna kawanti-wanti ngan hanjakal manehna boga sipat nu kacida gorengna, wanoja eta kacida kedulna. Can pernah mantuan indungna ngagawean pagawean imah gawena ngan dangdan unggal poe. Salian ti kedul, budak wanoja eta sipat na ogo pisan. Sagala pamentana kudu ditedunan, unggal aya pamenta kaindungna kudu wae ditedunan teu mikirkeun kaayaan indungna nu sengsara. Unggal poe kudu banting tulang neangan sahuap sangu. Dina hiji poe budak wanoja eta diajak indungna ka pasar rek balanja. Tempat pasarna jauh pisan, nepi ka leumoangna jauh pisan nu akibatna mantak cape. Budak wanoja eta leumpang lenggang kangkung, bari make pakean anu alus jeung dangdan, ngarah jelema nu dilajan ningali kageulisan budak wanoja eta. Ari indungna leumpangna ditukang bari mawa karanjang jeung pakeanna anu kucel. Kusabab manehna hirup ditempat anu nyingkur, euweuh saurang oge anu manggihan yen dua awewe eta anu leumpang indung jeung anak. Saeunggeus manehna ninggali maranehna, manehna kacida reueusna ninggali kageulisan budak wanoja eta. Nu utamina para jajaka desa anu teu bosen-bosenna ninggali raray wanoja eta, ngan saprak ninggali jalmi anu leumpang ditukeung wanoja eta kacida bedana kaayaanana. Hal eta anu nyieun jalmi-jalmi jadi heran. Diantara jalmi sejen anu ninggalna, aya hiji jajaka ngadeukeutan naros ka wanoja eta, “hai neng geulis. Eta anu mapah dipengker naha enya eta indung anjeun?” Tapi, naon jawab wanoja eta? “Lain”, ngomongna bari ngayakinkeun. “Manehna ngan saukur pembantu!” Indung jeung anakna eta langsung neruskeun leumpangna. Henteu jauh aya nu ngadeukeutan deui hiji jajaka anu nanya ka wanoja eta. “Hai, geulis. Eta anu mapah dipengker naha enya eta kolot anjeun?” “Lain, lain” jawab wanoja etabari angkuh. “Manehna saukur budaaaaaaakkk!” ngan kitu weh unggal wanoja eta papanggih jeung jalma disapanjang jalan anu ngenaan indungna. Jawabna ngan eta. Indungna dijadikeun pembantu atau budaaaakkk. Indungna ngan ngadu’a. “Ya Allah, abdi teu kiat nahan hinaan ieu. Budak kandung abdi meuni tega ngajadikeun diri abdi kawas kieu. Ya Allah laknat budak durhaka ieu! Bere ganjaran jang manehna.....” sabab kuasa Allah anu Maha Esa, lalaunan awak wanoja durhaka eta barubah mangrupa batu. Parubahanna mimiti dina suku. Saeunggeus parubahan eta geus nepi satengah awak. Wanoja eta ceurik menta ampun ka indungna. “Duh, ema...... ema hapunteun abdi hapunteun kadurhakaan anak ema salami ieu. Emaa.... emaaa... abdi nyuhunkeun dihapunteun....” Wanoja eta terus ngahuleng jeung ceurik menta ampunan ka indungna. Da kumaha deui kabehanna geus telat. Kabeh awak wanaja eta akhirna barubah jadi batu saeunggeus jadi batu, urang-urang bisa ninggali panonna masih ngeclakeun cai panon, siga jelema keur ceurik. Jadi eta batu, anu asalna diwanoja geulis, anu meunang kutukan ti indungna jadi disebut “BATU CEURIK” Rengse carita nu ngabentuk lagenda ieu, anu ku masyarakat dipercaya eta kisah teh bener-bener pernah aya. Saha waeanu durhaka ka indung kandung anu geus ngalahirkeun jeung ngagedekeun na, pasti kalakuan laknatna bakal meunang balesan ti Allah nu Maha Kuasa.
Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...
 

Sundanese Attack Free Blogspot Templates Designed by sYah_ ID RAP for smashing my Life | | Free Wordpress Templates. Cell Numbers Phone Tracking, Lyrics Song Chords © 2010